Informasi anu dumasar kana kajadian nyaeta disebut informasi....
B. Daerah
Shafaaaurellia
Pertanyaan
Informasi anu dumasar kana kajadian nyaeta disebut informasi....
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Warta
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Informasi anu dumasar kana kajadian nyaeta disebut informasi faktual. Anu merlukeun informasi faktual diantarana nyaeta warta. Warta nyaeta informasi atawa beja ngeunaan hiji kajadian anu bener-bener kajadian. Data anu dilaporkeun atawa ditepikeun dina hiji warta dumasar kana data anu bener atawa valid jeung asli.
Salian ti eta, tempat jeung waktu anu diwartakeun atawa dibejakeun oge kudu jelas. Kusabab kitu dina nyieun warta aya panduan anu disebut 5W+1H. Hiji warta bisa dianggap eusina cukup umpama miboga unsur-unsur 5W+1H nyaeta unsur what (naon), who (saha), when (iraha), where (di mana), why (kunaon) jeung how (kumaha).
Kata Kunci : Informasi faktual, warta